Translate

Kamis, 08 November 2012

Kustian Makalangan


Download lagu Sunda ti Kustian, mangga ka dulur urang sadayana nu bade jeung nu bade ngoleksi lagu lagu sunda, lumayan jang ngamumule budaya urang budaya urang sunda.. sok lah langsung di sedot wae laguna.
  1. Kustian Makalangan - Budak Jalanan
  2. Kustian Makalangan - Ema
  3. Kustian Makalangan - Budak Nunggara
  4. Kustian Makalangan - Desa jadi Kota
  5. Kustian Makalangan - Karyaan
  6. Kustian Makalangan - Seni Sunda
  7. Kustian Makalangan - Bapa
  8. Kustian Makalangan - Diajar Sabar
  9. Kustian Makalangan - ABG (Aki Aki Bedegong)
  10. Kustian Makalangan - Empis Piring
  11. Kustian Makalangan - Hayang Kawin
TONG HILAP NYA KOMENTARNA, LUMAYAN JANG NGALESTARIKEUN LAGU LAGU SUNDA, JEUNG REKUESNYA AMIH ADMIN BISA PANGNEANGANKEUN JANG DULUR SAREREA OGE.. 

HATUR NUHUN KANA PERHATUSANNA

Kamis, 04 Oktober 2012

Lirik Lagu Yayan Jatnika - Curug Cinulang


Di Curug Cinulang
Bulan bentang narembongan
Hawar-hawar aya tembang
Tembang asih tembang kadeudeuh dua'an
Di Curug Tinulang
Batin ceurik balilihan
Numpang kana Panghareupan
Cinta urang mugi asih papanjangan
Reff :
Kabaseuhan cai ka heman
Kaceretan ibun kamelang
Mengket pageuh geter rasa kahariwang
Hariwang cinta urang panungtungan

Lirik Lagu Yayan Jatnika - Bentang Manglayang



Bentang luhureun manglayang
Ting kareutip anteung ngiceupan
Kamari peuting ayeuna
Bentang rapang lobana angger sarua
Handapeun bentang manglayang
Manehna keur ngadagoan
Nanggeuy saruntuyan bentang
Meunang mipit ti luhur Gunung Manglayang
Weungi enjing nun……
Urang peutik ku dua-an
Urang runtuy nun…..
Keur kongkoyang pangantenan
Weungi ieu wayah na urang paanggang
Tapi soca tangtos sami keur milang bentang manglayang
Bentang luhureun manglayang
Ting kareutip anteung ngiceupan
Kamari peuting ayeuna
Bentang rapang lobana angger sarua

Lirik Lagu Wina - Tunggul Rahayu


Halimun di pucuk gunung,
Nyimutan tangkal kiara
Nguluwut jauh ti Indung anggang kanu jadi Bapa
Kiara anu harita, kiwari kari tunggulna
Hirup nandangan tunggara
kasaha muntangkeun rasa
Indung teh tunggul rahayu
Bapa mah tangkal darajat
Munjung teh kudu ka Indung
Muja mah kudu ka Bapa
Ari indung anu ngandung
Ari bapa nu ngayuga
Moal rek munjung ka gunung
Moal muja ka sagara

Lirik Lagu Mawar Bodas


Mapay jalan satapak
Ngajugjug ka hiji lembur
Henteu karasa capena
Sabab aya nu diteang

Hujan angin dor dar gelap
Hunteu aya keur ngiuhan
Sanajan awak rancucut
Teu paduli kajeun teuing

Nu penting mah asal nepi
Ka tempat anu di tuju
Rek ngalongok mawar bodas
Nu moal lila ka ala

Sugan tea moal gagal
Kembang geus aya nu boga
Balik teh asa hoream leumpang ge asa ngalayang

Teu kasawang ti anggalna
Teu kapikir ti tadina
Lamun bakal nyeri hate
Hoream teu sudi teuing

Mikiran pipanyakiteun
Mikiran pipanyakiteun

Rabu, 22 Agustus 2012

Lirik Lagu Nining Meida feat Andang Cengos - Anjeun


Teu aya deui, nu mikancinta iwal anjeun
Teu aya deui, nu mikamelang iwal anjeun
Pangnyaahna sadunya, pangbageurna sadunya iwal anjeun
Anu heman tur daria, anu jangji satia ngan ukur anjeun

Duh aduh aduh aduh
Hate bagja bisa papanggih jeung anjeun
Duh aduh aduh aduh
Hate reugreug aya sagigireun anjeun

Ngan saeutik hanjakalna
Lamun tepang osok ngajak rurusuhan
Dasar kudu kanyahoan
Horeng anjeun geus rimbitan

Teu aya deui nu jadi pikir iwal anjeun
Teu aya deui nu kagundamkeun iwal anjeun
Inggis beunang ku batur
Inggis bogoh ka batur, iwal anjeun

Unggal peuting babacaan
Mapatkeun pelet asihan husus keur anjeun
Duh aduh aduh aduh
Kurang dahar, kurang sare mikir anjeun
Duh aduh aduh aduh
Hayang deukeut, hayang geugeut...Ngan jeung anjeun

Dasar kudu kanyahoan
Ngirim surat salah ngasupkeun eusina
Gurat sial jeung cilaka
Putus ka ditu ka dieu.

Lirik Lagu Doel Sumbang feat Nining Meida - Sono Bae


Kabayang - bayang bae
kaimpi - impi bae
na pipikiran, na rarasaaan
na tetenjoan, saliraaaa

Sono ku sono bae
emut ku emut bae
rumasa beurang
gede duriat
hate kabandang saliraaaa

Isuk, beurang, sore, peuting
hayang panggih bae
Isuk, beurang, sore, peuting
hayang deukeut bae

Kuma lamun kuring ges aya nu boga
moal rek ngelehan
Kuma lamun kuring ges aya nu boga
moal rek ngeledan

Kuma lamun kuring ges aya nu boga
moal rek ngelehan
Kuma lamun kuring ges aya nu boga
moal rek ngeledan.

Lirik Lagu Nining Meida - Es Lilin


Es lilin mah didorong-dorong
dibantun mah dibantun ka Sukajadi
abdi isin ceuceu samar kaduga
sok sieun mah aduuh henteu ngajadi
#
Es lilin mah ceuceu buatan Bandung
dicandakna geuningan ka Cipaganti
abdi isin jungjunan duh bararingung
sok inggis mah aduuh henteu ngajadi

Itu saha dunungan nu nungtun munding
digantelan geuning ku saputangan
itu saha dunungan ku ginding teuing
sing horeng mah aduh geuning jungjunan

Es lilin mah ceuceu dikalapaan
raosna mah geuningan kabina-bina
abdi alim dunungan paduduaan
sok sieun mah dibantun kamana-mana

Kamana mah dunungan ngaitkeun cingcin
ka kaler mah aduuh katojo bolat
kamana mah dunungan ngaitkeun pikir
sakieu mah aduuh panas hatena.

Lirik Lagu Nining Meida - Borondong Garing


Borondong garing
ider kota pilemburan
mekar lumaku diri
anu dagang bari mimitran

Borondong garing
haleuang katineung ati
jerit ciptaning ati
jeung hiliwirna angin peuting

Oleh-oleh Priangan di lingkung gunung
Majalaya Soreang Banjaran Bandung
hate jongjon lugina anu dikantun
narik ati matak luas nu ngabantun