Translate

Rabu, 22 Agustus 2012

Lirik Lagu Nining Meida feat Andang Cengos - Anjeun


Teu aya deui, nu mikancinta iwal anjeun
Teu aya deui, nu mikamelang iwal anjeun
Pangnyaahna sadunya, pangbageurna sadunya iwal anjeun
Anu heman tur daria, anu jangji satia ngan ukur anjeun

Duh aduh aduh aduh
Hate bagja bisa papanggih jeung anjeun
Duh aduh aduh aduh
Hate reugreug aya sagigireun anjeun

Ngan saeutik hanjakalna
Lamun tepang osok ngajak rurusuhan
Dasar kudu kanyahoan
Horeng anjeun geus rimbitan

Teu aya deui nu jadi pikir iwal anjeun
Teu aya deui nu kagundamkeun iwal anjeun
Inggis beunang ku batur
Inggis bogoh ka batur, iwal anjeun

Unggal peuting babacaan
Mapatkeun pelet asihan husus keur anjeun
Duh aduh aduh aduh
Kurang dahar, kurang sare mikir anjeun
Duh aduh aduh aduh
Hayang deukeut, hayang geugeut...Ngan jeung anjeun

Dasar kudu kanyahoan
Ngirim surat salah ngasupkeun eusina
Gurat sial jeung cilaka
Putus ka ditu ka dieu.

Lirik Lagu Doel Sumbang feat Nining Meida - Sono Bae


Kabayang - bayang bae
kaimpi - impi bae
na pipikiran, na rarasaaan
na tetenjoan, saliraaaa

Sono ku sono bae
emut ku emut bae
rumasa beurang
gede duriat
hate kabandang saliraaaa

Isuk, beurang, sore, peuting
hayang panggih bae
Isuk, beurang, sore, peuting
hayang deukeut bae

Kuma lamun kuring ges aya nu boga
moal rek ngelehan
Kuma lamun kuring ges aya nu boga
moal rek ngeledan

Kuma lamun kuring ges aya nu boga
moal rek ngelehan
Kuma lamun kuring ges aya nu boga
moal rek ngeledan.

Lirik Lagu Nining Meida - Es Lilin


Es lilin mah didorong-dorong
dibantun mah dibantun ka Sukajadi
abdi isin ceuceu samar kaduga
sok sieun mah aduuh henteu ngajadi
#
Es lilin mah ceuceu buatan Bandung
dicandakna geuningan ka Cipaganti
abdi isin jungjunan duh bararingung
sok inggis mah aduuh henteu ngajadi

Itu saha dunungan nu nungtun munding
digantelan geuning ku saputangan
itu saha dunungan ku ginding teuing
sing horeng mah aduh geuning jungjunan

Es lilin mah ceuceu dikalapaan
raosna mah geuningan kabina-bina
abdi alim dunungan paduduaan
sok sieun mah dibantun kamana-mana

Kamana mah dunungan ngaitkeun cingcin
ka kaler mah aduuh katojo bolat
kamana mah dunungan ngaitkeun pikir
sakieu mah aduuh panas hatena.

Lirik Lagu Nining Meida - Borondong Garing


Borondong garing
ider kota pilemburan
mekar lumaku diri
anu dagang bari mimitran

Borondong garing
haleuang katineung ati
jerit ciptaning ati
jeung hiliwirna angin peuting

Oleh-oleh Priangan di lingkung gunung
Majalaya Soreang Banjaran Bandung
hate jongjon lugina anu dikantun
narik ati matak luas nu ngabantun